Review D'Lemakin With Nnoppall

D'LEMAKIN REVIEW

Wilujeng Sumping Sadayana!!
Wilujeng Sumping Sadayana!!


Bandung dipikawanoh minangka kota nu beunghar ku rupa-rupa kadaharan anu unik tur ngeunah. Salah sahiji tempat dahar nu matak dipikaresep pikeun didatangan nyaéta D’Lemakin, hiji tempat leutik nu perenahna di sisi jalan. Sanaos ukuranana leutik tur ngan cukup pikeun sakitar 7–9 jalmi, tempat ieu mibanda suasana nu raoseun tur cocog pikeun nongkrong babarengan rerencangan. Kalawan konsép saderhana tapi modéren, D’Lemakin sanggup nyayagikeun pangalaman kuliner nu nyugemakeun pikeun nu datang.

Sakumaha ngaranna, D’Lemakin masihan konsép nasi lemak khas Melayu salaku menu utamana. Béda ti tempat dahar séjén, D’Lemakin ngan saukur museurkeun kana nasi lemak wungkul, ku kituna menu nu disayagikeun henteu pati lobana. Sanajan kitu, ieu mah jadi kaunggulan sabab D’Lemakin tiasa nyuguhkeun nasi lemak kalayan rasa nu asli tur oténtik. Sajaba ti éta, harga dahareun di D’Lemakin ogé kacida merenahna, hususna pikeun para murid sakola atawa mahasiswa nu hayang dahar ngeunah, murah, jeung nyugemakeun.

Harga nu ditawarkeun di D’Lemakin kacida kahontalna, dimimitian ti Rp12.000 hungkul kanggo ngarasakeun nasi lemak khas Melayu. Kalawan harga Rp17.000, nu datang tiasa nampi saosék nasi lemak nu lengkep sareng endog dadar, tempe orek, sareng sambel nu raoseun. Rasa gurih tina nasi lemak ngahiji sampurna jeung sagala rupa lawuhanana, matak naék napsu dahar. Henteu anéh lamun seueur pelanggan nu sugema tur hayang datang deui. Ieu berikut daftar harga na :

MAINS🍴
  • NASI LEMAK ORIGINAL 12K
  • NASI LEMAK AYAM LENGKUAS 25K
  • NASI LEMAK CUMI CABAI IJO 27K
  • NASI LEMAK DENDENG CABAI IJO 33K
  • NASI LEMAK SATE MARANGGI 33K
SIDES🍳
  • TELUR 5K
  • AYAM LENGKUAS 13K
  • CUMI CABAI IJO 15K
  • DENDENG IJO 20K
  • SATE 20K

Numutkeun pangalaman pribadi, nasi lemak di D’Lemakin téh geus cukup ngeunah tur kacida worth it pikeun harga nu ditawarkeun. Hiji-hijina kakurangan ti tempat ieu panginten ukur dina ukuranana nu leutik, sahingga lamun keur rame, nu datang kedah sabar sakedik pikeun milari tempat diuk. Ieu ogé ditepikeun ku salah sahiji pelanggan, Roby, anu nyarios yén kalayan harga Rp17.000, anjeunna parantos tiasa nampi kadaharan nu ngeunah kalayan porsi nu cukup badag.

VIDEO DAHAR SARENG RERENCANGAN😝


Kanggo nu resep nasi lemak, D’Lemakin mangrupakeun tempat nu kedah didatangan nalika sumping ka Bandung. Henteu kedah jauh-jauh ka Malaysia pikeun ngarasakeun nasi lemak khas Melayu, sabab di Bandung ogé tos aya kalawan rasa nu oténtik. Kalawan konsép dahar di sisi jalan nu béda ti nu séjén, D’Lemakin nawiskeun pangalaman kuliner nu unik tur matak betah. Janten, upami nuju aya di Bandung, tong hilap angkat ka D’Lemakin sareng rasakeun sensasi dahar nasi lemak nu béda ti batan nu sanés!

VLOG VIDEO YOUTUBE🎥


ALAMAT TEMPAT📍 

TABEL KELEBIHAN DAN KEKURANGAN
KELEBIHANKEKURANGAN
harga kajangkaugandeng ku jalan
porsi na lobatempat na leutik
tempatna moderentempat parkirna sempit

Komentar